Would you like to react to this message? Create an account in a few clicks or log in to continue.


 
IndeksLatest imagesPencarianPendaftaranLogin

 

 Si Borontox

Go down 
PengirimMessage
erna_sri87
Dosen
Dosen
erna_sri87


Jumlah posting : 242
Join date : 19.03.08
Age : 36
Lokasi : AZtech

Si Borontox Empty
PostSubyek: Si Borontox   Si Borontox Icon_minitimeThu Jan 22, 2009 9:05 pm

Pasosore mangsa keur girimis hujan, dipipir paranje aya dua hayam keur karojom. Si rintit jeung si borontox. Disebut si rintit soteh pedah buluna kawas meunang ngabonding, kitu deui siborontox buluna totol totol karenge rengean, teuing ngarah ka saha da indung bapana mah teu borontox borontox acan. Ngan numutkeun gosip nu sumebar, emana si borontox kungsi aya affairs jeung si jago nu ngeusian paranje sabeulah. Abong hayam!

Sirintit teh hayam bikang anu keur meujeuhna pelem dibabakak, ari si borontox mah duka jago duka bikang, da dedeg pangadegna jeung jawerna mah enya jiga bikang tapi dina rengkak paripolahna kawas hayam jago. Geura meh pasti wang tingali bujurna. Enya we geuning bikang, da waktu ditiup bujurna langsung ngajawab "Muhun...muhun!" Ieu meureun nu disebut hayam tomboy teh, hayam bikang, tapi kalakuan jalu banget.

Bari nungguan hujan raat, der maranehna ngobrol, teuing keur ngobrolkeun naon, da make bahasa hayam. Coba geura wang pasang detektor bahasa hayamna, meh kanyahoan naon nu keur diobrolkeunana.

"Uing mah bosen euy, unggal poe diparab huut ngebul teh!" Sirintit mimiti ngangluh.

"Heueuh nya...ceuk urang mah cik atuh dunungan teh sakali kali mah mere sangu ngebul pleus gepuk atawa pais gurame, meureun tada teuing ni'matna!" si borontox ngalokan.

"Karunya mah si denok euy, teu kaur endogan, meus meus dicokot ku dununganana, teu sirikna di tungguan tina bujurna. Sihoreng matak kitu ge, dununganana keur anyar pangantenan, unggal poe kudu ngaloklok endog!" Sirintit mimiti ngagosip.

"Keun wae da sipat jalma mah sok aya sipat sarakahna. Lain euy aya beja maneh sok ulin kapipir kampus?"

"Heueuh ka aing teh ngareken hayam kampus we nya!"

"Keun wae pan urang mah hayam, wajar mun gunta ganti jalu, dikaleng ku itu dikaleng ku ieu!"

"Sabenerna mah, jujur euy, basa silaing dikaleng ku si pelung, hate dewek teh ngaheab pisan!"

"Jadi silaing timburu tur aya sir kadua leutik ka si pelung?"

"Lain kitu...pan samemeh ngaleng silaing, sipelung teh kungsi mondok moek jeung dewek!"

"Baruk! Paingan beda! urut maneh mah. Tapi keun wae pan urang mah hayam.Wajar mun jalu maneh jalu urang oge! Ngan meureun nu teu wajar mah mun urang silih kaleng,silih galentoran, anu sarua papada hayam bikang. Hayam lesbian kasebutna!"

"Ari ayeuna kojom dipipir paranje,lain keur lesbian kitu?"

"Nya kuma silaing we, mun bari jeung otel meureun nya heueuh. Lain euy ari maneh geus ngadenge omongan dunungan?"

"Omongan nu mana?"

"Eta pajarkeun teh, hayang teuing bakakak hayam!"

"Heueuh dewek ge geus nyaho, mana dunungan teh sok nyetel wae lagu "andai ku tahu" uing mah sangheuk paeh ayeuna ayeuna, wayahna maneh heula nya nu dibakakak teh!"

"Tuh nya sok pinter kodek, puguh uing mah karek cieung cieung tas kaserang flu burung , jadi nu pantes dibabakak mah,nya silaing!"

"Nya maneh!"

"Silaing!"

"Maneh!"

"Silaing!"

"Maneh heula da bageur!"

"Silaing heula da geulis!"

"Maneh heula!"

"Silaing heula!"

"Teuing ah, anggur mah nek ulin deui kapipir kampus!"

"Huuhhh....dasar hayam kampus!"

TIDAK MENERIMA KRITIKAN JELEK ada aja Laughing Laughing
kudu sareuri pokok na mah . MAKSA !!! hapy smile hapy smile
Kembali Ke Atas Go down
 
Si Borontox
Kembali Ke Atas 
Halaman 1 dari 1

Permissions in this forum:Anda tidak dapat menjawab topik
 :: obrolan santai :: bodoran baraya sapuluh-
Navigasi: